Tengah peuting, keur jemplang-jempling. Kuring nyaring, teu genah cicing... Saha nu teu wanoh kana éta lagu. Ieu lagu ”Hariring Kuring” téh masih kénéh populér tug nepi ka kiwari. Di satukangeuanana, nya Djudju Djuhari suargi nu nganggit éta lagu téh. Djudju téh komponis nu sarwa bisa, tur geus nganggit pirang-pirang tembang, ti mimiti pop Sunda, pop Indonésia, Sériosa, Keroncong, lalaguan keur barudak, nepi ka kasidah.
Djudju Juhari lahir di garut, 6 Juni 1924. Ti saprak sakola di HIS, anjeunna geus remen nyipta lagu. Nepi ka kiwari, kurang leuwih 300 lagu ciptaanana. Padahan anjeun teu kungsi diajar musik kalayan formal, ukur diajar ku sorangan (otodidak).
Dina taun 1975, Djudju meunang hadiah dina lomba nyipta lagu populér tingkat nasional. Ti harita, réa nu ménta dilatih vokal pikeun para patandang pilihan Bintang Radio Télévisi, kira-kira taun 1980-an.
Djudju kungsi digawé di di RRI Garut (1947-1949), di PTT (ayeuna PT INTI, taun 1949 – 1951), jadi penyiar RRI Bandung (1951 – 1969), jeung jadi Kepala RRI Stasiun Bogor (1969–1975).
Djudju Djuhari ngantunkeun di Cicalengka, Kab. Bandung,  14 Désémber 2010 dina yuswa 86 taun.