Istilah rumpaka, dina musik mah sok disebut lirik. Hartina sami, nyaéta kekecapan dina lagu.Aya ogé nu sok nyebat dangding atanapi guguritan. Ieu istilah téh biasana sok dianggo dina lagu pupuh atanapi tembang. Dina widang kepesindénan (pangpangna para sindén), sok nyarebatna téh kata kata. Upami éta kata kata lagu téh disalin/diserat dina buku, sok disebatna buku kata kata. Namung di lingkungan lalaguan kawih mah (ayeuna), utamina dina lalaguan barudak, naha kekecapanana téh dina wangunan pupuh, sisindiran, wawangsalan atanapi nu sanésna, tetep wé sok disarebat rumpaka.
Dina rumpaka lalaguan kakawihan buhun nu seueur dikawihkeun ku barudak, (ilahar sok disebat ogé lagu rakyat, kakawihan urang lembur, lagu balaréa) sapertos lagu cingcangkeling, tokécang, ambil ambilan, ayang ayang gung, jsté., rumpaka laguna téh salian ti anonim, masih seueur kekecapan anu teu acan jelas hartosna, atanapi aya sabagian lagu anu teu pati mérénah upama éta rumpaka téh digolongkeun kana lalaguan barudak. Salah sahiji contona, tiasa diimeutan upami nitenan rumpaka ayang ayang gung.
Lagu barudak
Dina karawitan Sunda nu disebut lagu barudak téh nyaéta: lagu anu ngahudang gambaran tingkah paripolah, sikep, budi pekerti, jeung daya sawang barudak, nu mélodina luyu jeung jiwana, sarta tingkat umurna.
Upama nitenan ciri ciri lagu barudak, bisa katitenan tina komposisi laguna. Biasana tara panjang, rancag, sederhana laguna, swaraantarana (interval sora) luyu jeung kamampuh barudak, jeung piriganana. Tangtu baé ciri-ciri éta téh bisa ogé dipiboga ku lalaguan di luar lagu barudak, tapi umumna mah (pangpangna dina lagu sanggian anyar) geus aya watesan nu jelas, yén lagu barudak kudu diluyukeun jeung jiwana, kamampuh sora nu luyu jeung tingkat umurna, jeung ringkes.
Ku sabab ari lagu mah kakara karasa namperna ajén-inajén jeung cirina téh, satutas dirasakeun jeung didéngékeun. Henteu anéh upama nu pangheulana méré warna nu karasa jeung ciri dina lalaguan barudak, justru tina rumpakana heula. Saméméh dilagukeun, mana komo lamun ngajarna/diajarna tanpa maké notasi lagu, nu pangheulan kabaca jeung karasa, pasti rumpakana heula. Nya tina hal ieu pisan, sakapeung sok aya béda panyawang antara sastrawan jeung juru sanggi, lamun rék nyieun ugeran ngeunaan lagu barudak. Naon sababna? Dina lalaguan barudak mindeng kapanggih aya rumpaka anu sabenerna mah sora kolot, ngan diselapkeun/dititipkeun dina ugeran lagu barudak. Atawa lain lagu barudak, tapi eusina ditujukeun keur barudak (Ngamuarakeun gerentes ti kolot ka budak). Conto laguna saperti dina lagu Néléngnéngkung (Nimang) jeung Pupundén Ati.
Sastrawan & Juru Sanggi
Ayana kamekaran pupuh di urang, sacara teu langsung ngagiring para sastrawan pikeun wanoh deukeut jeung laguna, sabab pupuh mah awor (adu manis), antara wangunan puisi jeung laguna. Dina sastra Sunda pupuh téh hartina ugeran puisi anu puguh ugeran guru lagu jeung guru wilanganana. Sedengkeun dina karawitan Sunda, pupuh téh bisa dihartikeun ngaran lagu jeung komposisi laguna. Malah upama rumpakana/guguritanana, ditambul ku nunang-naning, nu disebut aturan guru lagu téh ampir ampir teu aya pangaruh nanaon kana laguna.
Keur para sastrawan, lamun ngukuhan kana aturan guru lagu jeung guru wilangan, pupuh naon baé bisa dipaké keur rumpaka/guguritan barudak. Tapi upama niténan laguna, keur ugeran lagu barudak mah, teu sakabéh lagu pupuh mérénah keur barudak, najan bari ditembangkeun sacara rancag. (Tembang Rancag nyaéta tembang anu datar, tegesna teu loba maké papaés, atawa mamanis lagu. Ceuk Pa Mahyar téa mah, tembang anu henteu diarula-arileu). Sigana baé, dina waktu keur nyieun dangding mah teu karasa aya masalah nanaon, sabab hariringna digalindengkeun ku sorangan. Tapi waktu ditepikeun ka barudak, mimiti karasa yén aya kamampuh sora anu kawatesanan di lingkungan tingkat barudak sakola, pangpangna di sakola dasar.
Di antara lagu pupuh sabenerna aya nu rada beurat keur ukuran kamampuh sora barudak, saperti Dangdanggula, Durma, jeung Mijil. Tangtu wé ukuran beurat di dieu téh lain dina harti barudak moal bisa, tapi kamampuh rata-rata dina interval sora jeung maen luhur-handapna sora. Luhur dina mélodi laguna, kaasup hésé keur barudak.
Nu matak teu anéh, pupuh lagu Kinanti, Asmarandana, Maskumambang, Balakbak jeung Sinom, leuwih gancang napak di barudak, sabab mélodina leuwih saderhana.
Ieu di handap, aya conto lagu pupuh Maskumambang anu sok sanajan sacara mélodi laguna pas keur barudak, tapi masih keneh aya bagian nu kudu diimeutan deui adu manisna.

Maskumambang

( Laras madenda )

Éh barudak kudu mikir ti leuleutik

Manéh kahutangan
Ku kolot ti barang lahir
Nepi ka ayeuna pisan
Dina pupuh Maskumambang, karasa pisan aworna tur gumulungna antara jiwa lagu jeung rumpakana/guguritanana. Tapi ana ditelek-telek rumpakana, sabenerna aya nu ningnang mun ditembangkeun ku barudak, sabab kapan éta mah eusi sora kolot ka barudak. Lamun dibandingkeun, kasus lagu Néléngnéngkung jeung lagu Maskumambang, bédana téh lagu Maskumambang mah mélodi laguna éstuning sederhana jeung pas pisan dikawihkeun ku barudak, sedeng Néléngnéngkung mah rada beurat, tur mibutuh sari reureueus dina nembangkeunana.
Pedotan
Kinanti
( Laras Salendro)
Budak leutik bisa ngapung
Babaku nga pungna peuting
Nguriling kakalayangan
Neangan nu amis amis
Sarupaning bubuahan
Naon baé nu kapanggih
Lagu pupuh kinanti nu maké rumpaka di luhur, aya “ranjau” nu mindeng henteu dipisadar boh ku kolot boh ku barudak, utamana dina nembangkeun mélodi laguna. Éta “ranjau” téh bisa baé nyamarkeun harti kecap, saperti anu sok mindeng kadéngé dina nembangkeun padalisan ka dua, babaku ngapungna peuting. Guru lagu jeung guru wilangan teu salah, tapi nempatkeun rumpaka kana mélodi lagu, kurang mérénah. Guru wilangan dina bagian éta diwangun ku 8 engang, babaku (3) ngapungna (3) peuting (2). Sedengkeun mélodi lagu mikahayang 4 (atawa bisa ogé 2-2), 2, 2. Ku sabab kitu, nu mindeng kadéngé téh rumpakana jadi kieu: babakunga pungna peuting. Robahna harti kecap saperti kitu biasa disebut pedotan lagu, nyaéta ngahiji atawa misahna engang dina rumpaka jeung mélodi lagu. Sacara puisi mah nu nyieun pupuh téh bébas rék ngatur engang dina guru wilanganana. Ngan saupama hal éta rék ditembangkeun, sawadina kudu silih ingétan, ulah nepi ka ngarobah harti. Tangtu baé masih loba conto saperti kieu, upamana dina pupuh Dangdanggula anu guguritan padalisan mimitina kieu:Ratu Gilingwési pok ngalahir. Mindeng robah jadi, Ratu Giling/ wési pok ngalahir.
Sanajan kitu, dina pupuh mah bubuhan nu nyieun guguritan téh lolobana para sastrawan, tur rata-rata geus arapal kana laguna, tangtu wé dina hasil guguritanana/rumpakana téh loba nu aralus ajén sastrana. Mana komo upama éta dangding téh dipaké dina lalaguan tembang Sunda, karasa pisan gumulungna. Mun téa mah aya kasus, lolobana dina nempatkeun pedotan téa baé. Cindekna, awal awal perkembangan ajén rumpaka lagu-lagu barudak karasa loba dibéré warna ku pangaruh para sastrawan, utamana dina lagu-lagu pupuh. Éta rumpaka/dangdingan téh sigana aya nu ngahaja dijieun, aya ogé anu ngahaja meunang nyutat tina wawacan. Sok sanajan biasana éta guguritan téh pararanjang (leuwih ti dua atawa tilu pada), tapi ari anu nerap jeung langgeng dipiwanoh mah, tetep baé lolobana dina pada anu kahiji. Nya dina hal ieu pisan sakapeung masalah pedotan kecap jeung lagu téh, mindeng kurang kaperhatikeun. Padahal dina harti kecap mah, hal saperti kieu téh bisa baé ngarobah maksud. Naon sababna? Sabab dina lagu nu geus jinek komposisina, aya runtuyanpedot jadi (ns) anu diwangun ku ranggeuyan ritme dina motif mélodi anu nguntun kasinambungan laguna. Penata lagu mah mun mendakan hal saperti kieu, sok aya upaya nu disebat olah rumpaka.
Kawih Murangkalih
Raden Mahyar Angga Kusumadinata (RMK), lain baé naratas ayana tiori karawitan Sunda, tapi ogé narétés gelarna kamekaran lalaguan anyar keur barudak, anu diluyukeun keur pangabutuh bahan pangajaran di dunya atikan. Kaleresan téh deui, anjeunna salian ti ahli karawitan, ogé kalebet salah saurang sastrawan. (Ngadamel buku wawacan, Nalaka Sura Boma, 1922,Siti Sondari, 1923, Rinengga Sari Sarkam Sarkim 1926, Premana Premanasari 1930, ssté). Ku kituna tiasa kajudi, saupama ningali hasil karyana, ajén lagu sareng rumpakana téh seueur nu sararaé. RMK ku anjeun nandeskeun, yén rumpaka rumpaka anggitan kapungkur, salian ngandung ajén sajarah, ogé ngandung pangulawéntah (didikan), sareng tiasa dijadikeun tamperan sarining basa.
Dina buku Kawih Murangkalih (jilid I, II, III) sareng buku Sari Arum anu disanggi sareng dirumpaka ku RMK sarimbit, moal kirang ti 150 lagu jadi bahan wulangkeuneun ka barudak sakola harita (kanggo tingkat S.R/ S.D. Dikaluarkeun ku Noordhoff Kolff, citakan ka II taun 1949-1950).
Nu matak kataji dina rumpaka lagu barudak karya RMK, hiji lagu téh diwangun ku sabaraha pada, nepi ka ngaruntuy saperti hiji carita. Laguna dalit, basana muhit, caritana meungkeut. Salah sahiji contona dina lagu :
Lalayaran
Bér layar
Bari tarik jangkar
Leong indit
Daratan ditilar
Nyiriwing
Angin tarik nebak
Sedot maju
Kapal meulah lambak
Kleung angkleung
Di tengah lautan
Ngambah ngambah
Sagara umpalan
Kalintang
Matak kelar manah
Ningal kapal
Nyedot maju nengah
Jst.
Salian ti rumpaka nu nyokot tina wangunan puisi pupuh, sisindiran, wawangsalan, RMK ogé nerapkeun campuran basa Indonesia jeung basa Sunda, saperti anu kauni dina rumpaka lagu dihandap ieu:

Ééng Ééng

Eéng ééng mari pulang nagri Hongkong
Eéng ééng hayu urang ngawarangkong
Ééng ééng mari pulang nagri Jepang
Ééng ééng hayu urang ngahaleuang
Ééng ééng mari pulang nagri Padang
Ééng ééng hayu urang tararuang
Ééng ééng mari pulang nagri Solo
Ééng ééng poma ulah olo olo
Jst .
Sanajan RMK sorangan loba méré ugeran jeung ngawanti-wanti dina nyieun rumpaka kudu taliti sangkan adu manis jeung laguna. Tapi teu wudu wé aya hal anu henteu gemet kalakonan ku anjeunna nyalira. Salah sahiji contona dina lagu saperti rumpaka ieu di handap:

Lulucon

Cépot Dawala Garéng
Keur ngabarojég
Sarukan sukan surak
Éak éakan
Cépot keur menca motah
Kakalayangan
Pétruk narompét Garéng
Nu nabeuh kendang
Lebah rumpaka “Petruk narompét Garéng”, karasana lain baé teu luyu jeung kahayang mélodi lagu, tapi ogé jadi teu pati nyambung maksudna. Nya di dieu juru rumpaka atawa juru sanggi salawasna kudu tapis nyusun, lain baé dina ngatur guru wilangan jeung pedotanana, tapi ogé kasinambungan harti antara kekecapan dina kalimat, jeung runtuyan mélodi laguna.
Cangkurileung
Mang Koko (H. Koko Koswara), ngarupakeun entragan juru sanggi anyar satutas RMK. Gaya jeung wanda laguna, karasa béda. Hal lain Mang Koko mah salian ti nyusun lalaguan barudak, ogé ngadamel lalaguan keur tingkat rumaja jeung umum. Rumpakana aya nu didamel nyalira, tapi ogé teu sakedik gawé bareng sareng para sastrawan.
Mang Koko ngawitan ngadamel buku dina taun 1950, judulna Resep Mamaos. Buku ieu minangka gawé bareng jeung Oeyéng Soewargana anu harita ngadamel buku pangajaran urai rangkai kata dina basa Sunda. Dina ieu buku kaciri Mang Koko (saperti) teu acan wanoh kana ugeran kumaha ari nyieun komposisi keur lagu barudak. Buktina lalaguanana téh seueur anu laluhur sorana, saperti anjeunna nyipta dina lagu Kanca Indihiang.
Nembé dina taun 1954, anjeuna sacara husus ngadamel lagu kanggo barudak, anu judulna Taman Cangkurileung (I, II, III) Lalaguan dina Cangkurileung minangka hasil arahan ti Oeyéng Soewargana sareng Daeng Sutigna. Ku Daeng Sutigna, Mang Koko dipasihan tiori musik anu aya patula-patalina sareng struktur lagu keur atikan di sakola. Kumaha mélodina, kumaha intervalna, sareng kumaha ngawangun téma nu diadumaniskeun jeung rumpakana. Dina lalaguan Cangkurileung, karasa kumaha mayatna tahapan lagu, anu diajangkeun keur barudak, dumasar kana umur jeung tingkatna kelas sakolana. Di antara rumpaka jeung lagu Mang Koko anu karasa adu manis, boh strukur laguna boh kekecapanana, bisa katangén dina rumpaka ieu di handap :
Céngcéléngan
Sapoé lima sén
Lima poé satalén
Sataun geus puguh
Céngcéléngan geus pinuh

Guligah

Rasa guligah rapot alus angkana
Seuri jeung surak, ha ha ha ha ha
Seubeuh pamuji irung gé asa beukah
Igel-igelan, pak pong pak pong gung
Karatagan Pahlawan
Teu honcéwang sumoréang
Tékadna pah lawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur téga pati
Taya basa ménta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdéka
Catétan: Dina padalisan ka dua, nu témbrés kakuping téh jaditékadnapah lawan bangsa. Dina padalisan ka lima, lebah kecap berjuang (3) keur (1) lemah cai (4 atawa 2-2). Keur kabutuhan mélodi bakal karasa adu manisna lamun susunan kecap jeung engangna téh diwangun ku 4 (atawa 2-2),2,2 (atawa 4). Najan teu pati kaciri ngaganggu ku éta kecap, namung guru wilangan 8 anu diwangun ku 3-1-2-2,atanapi 2-3-3, seueur nu janten robah hartina upami éta kecap disanggi jadi lagu. Mana komo dina lagu kepesindénan mah.
Gawé Bareng
Dina buku Bincarung, Mang Koko nyieun gawé bareng jeung M.O Kusman, ngahudang kaulinan barudak dina laras saléndro. Dina lalaguanana dianteur cara barudak ngaadu-maniskeun lagu jeung gerakna. Salah sahiji laguna anu popilér di barudak, di antarana:
Ucing jeung Anjing
Ucing diudag anjing
Gog gog gog ! Gog gog gog !
Éong éong
Jleng luncat asup ka kolong
Pantona ditutupkeun!
Daék Digawé
Lamun daék kana gawé

Getol rajin unggal poé

Macul ngagecruk ti isuk isuk
Cruk cruk cruk cruk

Awak pasti séhat

Dina taun 1961 Mang Koko ngadamel buku Seni Swara Sunda (dua jilid) minangka gawé bareng sareng P. Nataprawira. Dina buku ieu Mang Koko jeung P. Nataprawira ngahudang lagu-lagu pupuh anu diwuwuh ku lagu sekar tandakna. Salian ti nulis lagu pupuh, Mang Koko ogé nerapkeun rumpakana, dina sabaraha lagu tembang Sunda, saperti Jemplang Serang, Bayubud , jst. Upama niténan rumpakana, ajén basana éstuning seueur nu saraé. Upama téa mah aya masalah, balik deui kana hal nu aya patula-patalina jeung pedotan. Hal ieu bisa kaharti, sabab nu nganggit dangdingna biasana leuwih fokus kana aturan puisina batan kana laguna. Mana komo sabada éta rumpaka disandingkeun jeung tembang, lain baé pedotanana tapi kalimat laguna ogé loba ngagantung.
Sinom Harta Harti
(Laras Madenda)
Harta pada naréangan
Harti pada nyararungsi ^
Sabab dua nana guna*
Harti bisa méré bukti ^
Harta pon kitu deui
Bisa ngabul nu dimaksud ^
Nedunan sakahayang*
Tapi harta gancang leungit ^
Mungguh harti mangpaat dunya ahéra*
Tanda ^ nuduhkeun rubuhna bagian phrase ahir dina bagian kalimat lagu. Tanda* nuduhkeun titik upama éta runtuyan kecap dibaca salancar. Sedeng anu digurat badag, minangka pangwanti kana pedotan. Ku ayana tanda ^ jeung *, bakal kaciri jeung karasa, kumaha kahayang lagu jeung kudu kumaha juru rumpaka ngeusianana, sangkan awor ngalagena. Bisa baé saliwat mah siga nu teu méré kabebasan kana rumpaka, tapi kapan upama éta rumpaka téh rék disandingkeun jeung lagu pupuh, tur laguna geus nyampak aya, nya meureun kudu aya toleransi. Iwal upama éta dangdingan téh rék disanggi sacara husus. Dina hal ieu mah, juru sanggi nu kudu gemet kana kahayang rumpaka.
Kumaha ayeuna ?
Dina awal taun 70-an, Udjo Ngalagena spk. nyieun buku Sekar Ligar. Eusina éta buku kawih lolobana nyokot tina lagu nu geus aya, saperti sanggian Mang Koko, Barmara, jrrd. Mun teu salah Amas Thamaswara ogé kungsi nyieun buku kawih keur barudak,tapi katingalina teu narékab dipiwanoh. Kuring sorangan dina taun 1976 nyusun buku kawih Haleuang Tandang, anu eusi rumpakana salian beunang ngolah sorangan, ogé dideudeul ku para sastrawan. Tingkatna keur siswa menengah pertama jeung menengah umum.
Tina pangalaman salila 35 taun jadi PNS (Pagawé Nagri Sipil), 30 taun lilana kuring jadi guru kasenian. Husus dina lalaguan barudak, pangpangna keur lalaguan murid S.D., karasa teu pati loba kanekaranana, anu saluyu jeung jaman ayeuna.
Lamun ngajarkeun lagu-lagu karya RMK, dina hal rumpakana salian ti jadi hésé dipawanoh ku barudak ayeuna, ogé téma jeung laguna nu cocog perlu dipilihan deui. Lagu karya Mang Koko, nyindekelna téh kana kamampuh barudak ayeuna kana ngawasa lagu Sunda. Can masalah erosi laras jeung basana, ku lantaran kuatna pangaruh budaya luar.
Kumaha atuh patéana? Sim kuring mah carana téh nyoba neuleuman jiwa jeung karesep barudak ayeuna, anu saterusna diolah jadi lagu. Larasna masih tetep Pélog atawa Saléndro, dipirig ku kacapi atawa gamelan, ngan beatna sok diadu- maniskeun jeung gaya ayeuna. Rumpakana ogé diluyukeun jeung jiwa lagu nu make beat injeuman téa.
Ngopi
Samuil hipu kulub hui
Rauk rauk en dorokdok
Ali agrem téngténg gemblong
Disurung cai sabekoooong
Ngopi!
Nang Néng Nong
Nang néng nong – nang néng nong
Dangdurirang dangduraring
Badungbangplak ting gung
Nang néng nong – nang néng nong
Pararampampam eu.. paramrampampam eu
Tak dug dug tak dug dug – tak dug dug tak dug dug
Ciaaaat.. dag dig dug
Saliwat upama dibaca rumpakana, bisa jadi ngan ukur sautak-saeutik nu lain basa Sunda baku. Tapi upama éta rumpaka geus dilagukeun, ngucapkeunana ngahaja diropea deui, utamana dina aksenna. Punten, ku cara kieu barudak ayeuna jadi resepeun jeung ngarasa trendy. Sabenerna hal saperti kieu téh teu kaasup kabinangkitan anyar, sabab saméméhna ogé dina pagelaran nu midangkeun kakawihan urang lembur, sok dikitukeun.
Ting Dung!
Upama téa mah kedah balaka wakca, nyanggi lagu keur barudak mah geuning teu babari. Duka nu sanés mah. Ari soal rumpakana, titip téh ka para sastrawan, upama éta dangding aya niat dilagukeun, saéna mah apal kana laguna. Upami badé ngadamel kanggo sanggieun, saéna mah titénan rumpaka lalaguan anu parantos nyampak aya, pangpangna dina kabinangkitan lagu-lagu kawih.
Rumaos sabrang salayan, tuna ku sumber bacaan. Numawi upami di handap teu aya daptar pustaka, anggap wé ieu pedaran obrolan biasa. Hatur nuhun.