Karya sastra téh artéfak. Ari nu disebut artéfak geus pasti barang paéh. Karya sastra gé nya kitu, éta karya bogaeun harti sarta jadi objék éstétik (Teeuw, 1984:191) lamun dihartian ku nu macana, lir ibarat artefak titinggal karuhun nu kakara kaharti sabada dihartikeun ku arkéolog. Ku kituna, ayana nu maca téh kacida perluna pikeun ngahartikeunana. Nu maca téh moal ngan ukur ngajentul nyanghareupan karya sastra tapi milu hirup ngahartian kana karya sastra téa (Hawkes, 1978:156-157).
Ilubiungna nu maca kana téks sastra bisa ditarékahan ku ngayakeun panalungtikan ékspériméntal téks sastra nu tujuan kaélmuanana pikeun nangtukeun literary value judgement. Hasil tina pangajén nu maca kana téks sastra téa bakal méré sumbangan nu badag pisan kana kamekaran paélmuan sastra sarta numuwuhkeun aprésiasi sastra, utamana keur para rumaja. Ku kituna, aya harepan yén para rumaja baris jaradi nu maca aprésiatif, nya éta maca bari dibarengan kamampuh aprésiasi, kamampuh ngedalkeun pamadegan jeung pangajén. Kaasup masalah panarimaan, méré tanggapan jeung méré pangajén.
 
Wangenan jeung Masalah Sabudeureun Panalungtikan Ékspériméntal Téks Sastra
Saméméh asup kana pedaran paham ngeunaan panalungtikan ékspériméntal téks sastra, sim kuring baris medar paham ngeunaan padika ékspérimén sacara umum. Nazir nyebutkeun, ékspérimén nyaéta panalungtikan dina kaayaan jieunan (artificial condition), éta kaayaan teh diatur ku panalungtik. Ku kituna, panalungtikan ékspériméntal bisa dihartikeun panalungtikan nu prak-prakanana ku ngayakeun manipulasi kana objék panalungtikan bari tetep dikontrol (1985:74). Satuluyna, Nazir ngécéskeun yén tujuan panalungtikan ékspériméntal téh nya éta pikeun nalungtik aya euweuhna hubungan sabab akibat téa, ku nerapkeun perlakuan nu geus dipuguhkeun kana pirang-pirang gundukan ékspériméntal sarta nyadiakeun pangontrolna pikeun ngabandingkeunana (1985:75).
Panalungtikan ékspériméntal téks sastra dina prak-prakanana dumasar kana tinimbangan yén téks sastra téh rakét pisan jeung prosés komunikasi antara nu ngarang jeung nu maca. Segers nétélakeun yén dina hiji waktu mah kritik jeung téori sastra téh museurkeun paniténna sacara ékslusif ka pangarangna (kritik positivisme jeung géografis dina katompérnakeun abad XIX) atawa kana téksna (mitembeyan Formalisme Rusia, New Criticism, jeung Werkimanente Interpretation Jerman). Sigana, kiwari geus cunduk kana waktuna pikeun museurkeun panitén kana unsur katilu dina prosés komunikasi sastra, nya éta nu maca. Ku kituna, tumali jeung pedaran ieu ku sim kuring baris dipuseurkeun kana widang pragmatik komunikasi sastra, nya éta hubungan antara téks jeung nu macana (1978:31-32).   Panitén dina panalungtikan ékspériméntal téks sastra nya éta tahapan évaluatif prosés maca, nya éta tahapan nalika nu maca méré literary value judgement ‘putusan ajén sastra’ kana hiji téks. Demi nu jadi panarik kana panitén dina panalungtikan ékspériméntal nya éta status putusan ajén katut hubungan antara éta putusan jeung rasionalisasi atawa justifikasi nu dikedalkeun nu macana. Masalah évaluasi ditalungtik dumasar kana tumalina jeung paélmuan sastra. Segers ngajéntrékeun yén pikeun nganalisis hubungan antara putusan ajén jeung rasionalisasina, kacindekan-kacindekanana baris ditetepkeun tumali jeung ayana hubungan antara putusan ajén jeung struktur téks (atawa fungsi téks) pikeun putusan-putusan ajén nu dituduhkeunana. Ku kituna, ieu panalungtikan téh ngagunakeun struktur komunikatif katut kaayaan-kaayaanana nu sacara prinsip dumasar kana pilihan tanggapan sakumna nu maca nu ilubiung dina sistim komunikatif katut struktur jeung kaayaanana. Ieu panalungtikan téh ngawengku ogé kana prosés jadina téks.