Dina raraga nyalametkeun naskah kuno, Museum Sribaduga nyieun program anu disebut digitalisasi naskah kuno. Nyatana mindahkeun mangpirang naskah kuno atawa manuskrip kana sistim digital. Proses mindahkeun naskah,  difoto heula maké kaméra digital, terus  disimpen kana komputer atawa alat digital séjénna. Nurutkeun Ani Ismarini, Kepala Balai Museum Sribaduga (1/8)., digitalisasi naskah salah sahiji hal penting pikeun nyalametkeun naskah.

Dipiharep ku program samodel kitu, umur naskah jadi lila tur leuwih awét. Taya lian alatan si naskah geus teu kacepeng deui ku ramo atawa kahébos rénghap. Sabab, ramo tur jeung rénghap jalma téh mawa mangpirang bakteri nu bisa ngarusak naskah.

"Nu meryogikeun naskah pikeun panalungtikan, ayeuna mah kantun nuhunkeun baé. Badé dipaparin dina wanda digital," kitu ceuk Ani.

Program séjénna pikeun nyalametkeun naskah-naskah kuno, Museum Sribaduga geus ngaayakeun restorasi naskah. Maksudna menerkeun naskah nu soék atawa anu tulisanna geus henteu kabaca. Mangpirang naskah kiwari geus mimiti diréstorasi. Sajabana  ti éta, kungsi ogé diropéa ku Fumigasi. Hiji cara pikeun maéhan kutu buku ku cara dipuput di hiji rohangan anu euweuh angin.

Kiwari, nalika CD naskah kuno geus jadi, song saha baé nu mikabutuh, geus henteu kudu deui antel langsung jeung naskahna. Sakur data digital bisa dibikeun tur bisa dipimilik kunu mikabutuhna. Puguh baé tacan kabéh naskah geus digitalisasi. Sabab, merelukeun waktu nu panjang.