Sanajan ayeuna jaman geus sakieu majuna, tapi masih kénéh aya nu gugon kana kapercayaanana yén ngaruat téh matak nyalametkeun tina sagala rurubad halangan hirup, bisa ogé disebut panumbal pikeun kasalametan. Buktina boh di Pasundan, boh di Jawa, aya kénéh anu merelukeun ngaruat, boh ngaruat jalma boh ngaruat lembur.

Ngeunaan lalakon carita ngaruat, aya dua tilu kanda kaol, tapi nu jadi pokok lalakon pangkal carita mah kitu-kitu kénéh baé, nya eta nyaritakeun Batara Kala ngudag-ngudag mangsa, anu dihalangan ku Batara Guru (bapana). Upama ku urang dilenyepan nu sabenerna, istilah ngaruat teh hartina ngarawat (ngamumulé) kaluhuran seni budaya urang titinggal para karuhun. Lantaran karuhun urang mah wijaksana dina sagala hal ogé, boh nyarék atawa ngageunggeureuhkeun sok sumawonna papatah tara togmol (ceplak pahang), cukup ku sindir silib jeung siloka baé. Anu ayeuna ditambah ku simbul jeung sasmita, nya jadi Panca S nu jadi cecekelan para dalang.

Nya kitu deui dina hal ngaruat, ceuk nu percaya mah matak salamet. Da mémang kitu lamun seug ku urang dilenyepan sarta dihartikeun eusina nu sabenerna mah. Sabab eusi carita ngaruat téh éstu wungkul piwejang jeung piwulang anu gedé mangpaatna. Ari lalakon ngaruat téh umumna sakumaha anu dipedar di luhur.

Bagian Kahiji

Batara = turunan dewa, kala = waktu, ngudag-ngudag mangsana.

Hartina, enggoning urang gumelar di alam pawenangan ieu, éstu hirup téh diburu ku waktu, dipapag ku mangsa. Hal ieu mémang lain saukur paribasa, saenyana urang kudu ngarti sabab bukti, kudu narima sabab nyata. Waktu gering, waktu cageur, waktu bungah, waktu susah, jsb, ieu geus jadi banda urang, teu bisa dipisah-pisah.

Eusina, lamun urang ngarti kalawan sadar kana sagala mangsa anu karandapan ku urang, pinasti urang bakal jadi jalma anu tumarima kana sagala papastén pangersaning Nu Maha Kawasa, jauh tina aral jeung subaha.

Bagian Kadua

Batara Guru ngahalangan (narékahan) kana laku Batara Kala.
Hartina, Batara = déwa, Guru = anu méré kanyaho atawa nuduhkeun kana jalan kahadéan. Ngajalankeun rupa-rupa tarekah pikeun nyegah kana kalakuan Batara Kala. Ceuk hiji kaol kanda Batara Wisnu anu diutus jadi Dalang Kanda Buana, ceuk sakaol deui Batara Guru pribadi anu jadi Dalang Kanda Buana.
Eusina, saupama urang ngan saukur gugon tumarima kana sagala papastén mangsa bari teu daék ikhtiar akal tarekah disebutna jalma kuuleun. Sanajan bari tumarima kana papastén tapi kudu dibarengan ku ihtiar akal tarékah, sabab manusa mah ngabogaan pikir jeung akal nu séhat. Ari hirup téh dibarengan ku sugan jeung manawi, sugan pareng, sugan aya jodo, sugan aya milik, jsb. Tah, sagala rupa akal tarékah ihtiar téh pikeun ngeusian sugan manawi saupama geus teu mampuh sagala rupa ikhtiar, kakara urang pasrah tumarima kana kadar.

Bagian Katilu

Sasajén ngaruat téh kurang leuwih aya 40 rupa, sagala tékték bengék diayakeun. Kumaha seug meneran ka nu teu mampuh ngayakeun ruruba anu sakitu poharana? Piraku nepi ka bangkarakna onaman. Malah kalolobaana para dalang anu sok ngaruat, upama sasajén henteu kumplit mah tara daék ngalaksanakeun. Tina sakitu puluh rupa sasajén téh nu bener-bener ngajadi silib mah kurang leuwih aya sapuluh rupa, nyaéta (1) bubur beureum-bodas; (2) dasar lawon bodas kaci; (3) kupat, leupeut, tangtang angin; (4) cai tujuh sumur maké kembang tujuh rupa, malah sok aya nu maké cai laut sagala; (5) duwegan dipesék; (6) gobang bedog nu seukeut;  (7) payung; (8) palita damar, hihid, cai hérang, taneuh porang; (9) pangradinan béas, endog hayam, sisir, minyak, eunteung; (10) puncak manik.

Dina bubur beureum bodas, beureum téh indung, ari bodas téh bapa. Eusina, geus nyata ayana urang dilantarankeun ku indung jeung bapa.

Dasar lawon bodas, ari bodas téh warna anu beresih, gambaran anu suci. Eusina, enggoning urang nyukcruk élmu, ngulik pangarti, néangan pangabisa kudu didasaran ku kabersihan, kasoléhan haté, sangkan manteb.

Kupat, leupeut, tantang angin. Hartina, ari kupat téh ngupat (ngomong), leupeut téh ngagepok. Tantang angin tara maké uyah, tiis pihartieunana upama urang rék méré naséhat, omat pok-pokanana ulah ceplak pahang (togmol), sok komo maké basa kasar mah anu matak nyentug kana rasa. Tapi sabalikna sing bisa malibirkeun kecap, kalawan maké basa anu lemah lembut sarta pikahartieun, malah mandar jadi pamépés paniis kana haté.

Cai tujuh sumur tempat maké kembang tujuh rupa. Hartina, urang hirup sing bisa pindah cai pindah tampian nurutkeun ciri sanagri cara sadésa. Sok najan urang ngumbara meuntas lautan sing bisa nyaluyukeun diri jeung kaayaan. Tetep ngaran urang seungit nyambuang ibarat seungitna kembang di patamanan.

Duwegan dipesék, ari duwegan beunang mesék sarta diliangan, di jerona aya cai duwegan anu amis tanpa digulaan sarta tiis nyecep. Eusina, upama urang geus bisa mesék (miceun) rereged dina diri kakara ngarasa pinanggih tiis pikir jeung kamulyaan haté.

Gobang, bedog nu sareukeut. Aya paribasa kecap omongan sok seukeut alah batan seuseukeut bedog jeung gobang, sabab sok loba jalma nu cilaka dilantarankeun ku salah kecap (omongan). Jeung sabalikna salamet nu dilantarankeun ku pinter atawa merenah ngomong. Eusina, enggoning urang ngajalankeun pancén hirup, omat sagala rupa omongan saméméh dikedalkeun kudu dipikir heula bisi matak cilaka. Nyakitu sagala rupa laku saméméh prak dijalankeun kudu dipikir heula.

Payung matak iuh dina waktu panas atawa hujan. Nu matak ulah tinggaleun. Eusina, aya paribasa urang kudu ditiung méméh hujan. Pihartieunana, dina sagala tingkah jeung paripolah urang kudu ati-ati waspada sangkan salamet.

Hihid, damar, cai hérang, taneuh porang, nyaeta  lambang bibitna manusa tina opat perkara: cai, bumi. angin jeung seuneu.

Ari pangradinan, béas, endog hayam, sisir, minyak, eunteung, ngandung harti yén béas minangka poko sarat hirup. Endog hayam, upama urang aya kahayang, buleudkeun tékad sangkan laksana. Sisir, minyak, eunteung parabot ngaluis nyaéta urang kudu luwes mérésan tekad, ucap jeung lampah ulah pagujud (kusut) sangkan salamet nya hirup.

Puncak manik, ari puncak téh ponclot pangluhurna, manik mustikaning sosoca. Eusina, urang wajib enggoning hirup nyukcruk élmu, ngulik harti, geusan ngahontal kaluhuran budi. Aya paribasa nu euweuh geura teangan, nu aya geura mangpaatkeun, ngan omat ulah rék ngaku. Sabab jalma anu luhur budi mah tara angkuh umaku ku kaayaan, jauh tina sipat ieu aing pangunggulna, aing pang eungharna, aing pangpinterna, jsb. Sabab manusa mah ngan ukur boga karep jeung wajib ikhtiar, sagala rupa hal ogé anging Pangeran Anu Maha Kawasa.

Upama seug ku urang dititénan naon-naon anu dipedar di luhur tadi, sarta dilenyepan tur dirasakeun nu sabenema, tétéla ngaruat téh matak salamet, sabab eusina wungkul piwejang, piwulang kana jalan kahadéan sangkan jalma hirupna cageur, bageur, bener, pinter, rajin turta tumarima.

Saupama urang geus mampuh ngawengku sagala aturan nu aya dina pangruwatan, pinasti urang salamet lahir batin. Hal ieu geus tétéla ngaruat téh hasil kaluhuran seni budaya karuhun urang. Nu matak sakuduna urang ngarawat (ngamumulé) seni budaya urang titinggal para karuhun. Sakitu nu kapendak tina bab ngaruat, kirang langkungna mah nyanggakeun ka nu maos.***

Elan Surawisastra, dicutat tina majalah Kawit No. 33.