Bakat Nénéng kana nembang Sunda ngocor ti sepuhna, Hj. Ruminda sareng H. Muhammad Ruhiat, anu mikaresep kana tembang Sunda. Tatapakanana tina kakawihan. Keur sakolana, mindeng jadi juara ngawih. Kumaha baé atuh lalakon indung ti tilu budak, Rizki Perdana, Selly Desmiarti jeung Gema Ramadhan? Hayu urang aos sasarengan.
*
Teu saeutik anu kapincut ku dunya tembang. Dina buku “Nu Kaul ku Lagu Kaleon” karangan RAF upamana, anu dicaritakeun téh apan jelema-jelema anu “kaédanan” ku dunya tembang Cianjuran. Ceuk Enah Sukaénah, juru mamaos ti kabupatén Sumedang, Cianjuran mah asa nyerep kana mamaras rasa, nyeuit dina ati. Aya hal-hal anu henteu beunang dicaritakeun anu patalina jeung rasa, upama keur mamaos atawa ngalenyepan anu mamaos. Kumaha ari Nénéng Dinar? “Leres, aya hal-hal anu sesah dicarioskeun dina tembang Sunda téh!” pokna Nénéng Dinar. Ngobrol di kantorna, Jalan Wastukencana No. 2, Bandung. Sapopoéna, mémang Nénéng digawé di Dipenda kotamadya Bandung.
Nénéng Dinar mah kaasup entragan béh dieu di dunya tembang Sunda téh. Malah samemehna, basa keur sakola kénéh, henteu pati wanoh kana dunya tembang Sunda. Mémang basa keur sakola téh geus resep jeung kapaké dina kakawihan. Jaman sakola tingkat SMP, di sakolana teu weléh jadi juara ngawih. Malah kungsi boga pangalaman, basa keur jadi juara kawih tingkat kotamadya, nepi ka digandong ku Abah Kabayan. Tina jadi juara nyanyi kénéh, basa kaluar SMP, Nénéng diteangan ku guru SMKI sangkan neruskeun ka SMKI. Lantaran “ngajalur” jeung cita-citana, Nénéng oge teu burung nyaluyuan.
Saréngséna nyuprih pangarti SMKI (ayeuna SMKN 10), Nénéng henteu neruskeun kuliah tur henteu neruskeun diajar tembang. Memang Nénéng kungsi boga angen-angen hayang bisa ngaréndéng jeung para ahli mamaos. Hayang bisa diuk ngaréndéng di panggung jeung Euis Komariah bari papada ngahariring. Tapi sanggeus rumah tangga mah, kasengker ku kawajiban ngurus rumah tangga.
Dina taun 1982, Nénéng kungsi diiangkeun ka Bangkok. Harita Nénéng jadi misi Indonesia, wawakil ti Jawa Barat. Dina raraga tepung taun kota Bangkok harita téh Nénéng dipentés pikeun ngawih bari ngacapi. “Alhamdulillah pentas téh lungsur-langsar.” Puguh baé, éta jadi pangalaman munggaran, indit ka luar negeri bari mintonkeun seni karuhun sorangan.
Satuluyna daun tahun 1988, sanggeus 6 taun eureun ti dunya ngawih, Nénéng kungsi nganjang ka Euis Komariah. Ibu Enah harita nyarankeun sangkan Nénéng milu diajar tembang Sunda. Saterusna, Nénéng mimiti diajar nembang ka Euis Komariah. Dua kali saminggu latihanana. Ngan anu jadi pamecut Nénéng harita, babarengan diajar téh jeung urang asing, urang Amerika. Ngaranna Sean Williams. Kabeneran manéhna keur nyusun disertasi ngeunaan tembang Sunda, sakalian bari diajar.
Aya pamecut sumanget, da Nénéng teh embung éléh ku Sean. Nu matak diajarna soson-soson. Komo deui, basa ku Nénéng katiténan, Sean ogé enya-enya pisan hayang bisana téh. Bisa jadi deuih, lain saukur ku ayana urang asing, Nénéng babari lancar kana tembang téh. Eukeur mah geus boga dasar tina ngawih téa, katurug-turug guruna “lincah”, babari kaharti ngajarkeunana.
Dina taun 1988, kungsi aya pasanggiri tembang Sunda nu diayakeun ku DAMAS (Daya Mahasiswa Sunda). Nénéng diperedih ku guruna, sangkan miluan éta pasanggiri. Nénéng kudu bisa ngapalkeun 43 lagu. Latihanana beuki remen, da rék nyanghareupan pasanggiri. Tapi dina pasanggiri nu diayakeun di Cianjur téh, Nénéng henteu asup ka pinal-pinal acan. Tangtu baé, pikeun Nénéng mah lain matak nurunkeun sumanget pédah henteu jadi juara. Sabalikna, meunang dua taun diajar deui. Leuwih soson-soson tur daria.
Dina taun 1990, Nénéng miluan deui pasanggiri tembang sunda DAMAS. Harita mah kapilih jadi juara kahiji. Ngan harita kungsi aya kontroversi, pédah anu ngajurian éta pasanggiri téh Euis Komariah, guruna sorangan. Taun hareupna aya deui pasanggiri. Nénéng mah geus diniatan rék ngundurkeun diri, moal miluan. Kajaba upama Euis Komariah henteu ngajurian deui. Harita anu jadi juri téh Pa Apung, Ibu Ida, sareng Ibu Enah saparakanca. Nénéng Dinar ngiringan deui éta pasanggiri anu digelar di hotél Horison tur juara kahiji deui. Kitu ceuk Nénéng Dinar.
Sanggeus dua kali miluan pasanggiri tur noron jadi juara, ngaran Nénéng Dinar mimiti seungit dina dunya tembang Sunda. Saméméh jadi juara, Nénéng sok pirajeunan milu manggung jeung Euis Komariah. Kungsi aya kajadian anu matak hareneg. Nénéng milu kana hiji pangulem. Harita téh ukur ngajentul di panggung. Saur panitia, Nénéng mah henteu kénging nembang, lantaran tacan manjing. Duka kumaha tah, naha panitia téh sieun kawiwirangan, bisi Nénéng silung sorana pédah nembé diajar. Ngan heuleut sababaraha waktu ti harita, éta panitia téh neangan Nénéng, miwarang manggung.
Nénéng ngarasa reueus ku guruna, Euis Komariah, anu unggal ngajak manggung, rék kitu rék kieu ogé teu weléh “ngagéhan” sahaleuang baé mah, sanajan harita Nénéng masih diajar.
Tina dunya tembang Sunda teh, ieu garwana Drs. A. Cipta Gumilar téh kungsi diangkir ka sababaraha nagara, dipentes ngahaleuang. Di antarana ka Australia, Jerman, Prancis, Swiss, jeung nu séjénna. Malah di hiji nagara mah, ngahaja maké tikét. Nu lalajona loba. Ditanya ngeunaan panghasilan, ceuk Nénéng, moal dipungkir tina tembang aya hasilna. Komo upama pentasna di luar negeri mah. Ngan tangtuna ogé, ari tembang Sunda mah ulah dipatalikeun teuing jeung matéri. Sabab anu resep kana tembang, langka anu ngudag materi. Ceuk Nénéng ogé, aya hal anu hésé dicaritakeunana upama urang geus resep kana tembang Sunda, anu aya patalina jeung batin.
Nénéng geus medalkeun opat albeum. Albeum perdanana, dikaluarkeun ku Dian Record. Kaasup sukses, da 7.000 kopi téh henteu lila dijualna. Sanajan resep kana tembang, Nénéng ogé henteu “anti” kana musik séjén. Upama Nénéng resep kana jazz, ayeuna ogé masih kénéh résép, sok sanajan keur icikibung dina tembang Sunda.***