Pangarang: Lopian Dina raraga nyalametkeun naskah kuno, Museum Sribaduga nyieun program anu disebut digitalisasi naskah kuno. Nyatana mindahkeun mangpirang naskah kuno atawa manuskrip kana sistim digital. Proses mindahkeun naskah, difoto heula maké kaméra digital, terus disimpen kana komputer atawa alat digital séjénna. Nurutkeun Ani Ismarini, Kepala Balai Museum Sribaduga (1/8)., digitalisasi naskah salah sahiji hal penting pikeun nyalametkeun naskah. Dipiharep ku program samodel kitu, umur naskah jadi lila tur leuwih awét. Taya lian alatan si naskah geus teu kacepeng deui ku ramo atawa kahébos rénghap. Sabab, ramo tur jeung rénghap jalma téh mawa mangpirang bakteri nu bisa ngarusak naskah. “Nu …
Digitalisasi jeung Restorasi Naskah Kuno di Museum Sribaduga
