Sakola Pikeun Puseur Kasenian

Pangarang: Ganjar Kurnia BÉJANA Jawa Barat kungsi mibanda kurang-leuwih 300 jenis kasenian, kalayan kaayaan kiwari: 200-an geus taya dikieuna, 50-an dina kondisi sakarat ahir, 30-an sakarat awal, 10 dina kondisi “engap-engapan” jeung kira-kira 10 deui nu masih kénéh “hirup”. Naha ieu kaayaan téh perelu diceungceurikan? Teu langkung. Tapi lamun rék rada gagayaan, réa urang Sunda nu nyaritakeun (pangpangna lamun pajabat pidato), “Kasenian téh mangrupa kabeungharan budaya anu bisa jadi salah sahiji ciri tina hiji bangsa atawa suku bangsa”. Sacara rétoris loba nu awong-awongan yén kasenian Sunda kudu dimumulé jeung dimekarkeun. Sangkan kaciri leuwih daria, nepi ka dijieun Perda Kabudayaan. Tapi …

Lanjut Baca