Tarékah Ngawanohkeun Karya Sastra Sunda ka Para Rumaja

Pangarang: Taufik Ampera Karya sastra téh artéfak. Ari nu disebut artéfak geus pasti barang paéh. Karya sastra gé nya kitu, éta karya bogaeun harti sarta jadi objék éstétik (Teeuw, 1984:191) lamun dihartian ku nu macana, lir ibarat artefak titinggal karuhun nu kakara kaharti sabada dihartikeun ku arkéolog. Ku kituna, ayana nu maca téh kacida perluna pikeun ngahartikeunana. Nu maca téh moal ngan ukur ngajentul nyanghareupan karya sastra tapi milu hirup ngahartian kana karya sastra téa (Hawkes, 1978:156-157). Ilubiungna nu maca kana téks sastra bisa ditarékahan ku ngayakeun panalungtikan ékspériméntal téks sastra nu tujuan kaélmuanana pikeun nangtukeun literary value judgement. Hasil tina …

Lanjut Baca