Rumpaka Lalaguan Barudak dina Karawitan Sunda

Pangarang: Nano S. Istilah rumpaka, dina musik mah sok disebut lirik. Hartina sami, nyaéta kekecapan dina lagu.Aya ogé nu sok nyebat dangding atanapi guguritan. Ieu istilah téh biasana sok dianggo dina lagu pupuh atanapi tembang. Dina widang kepesindénan (pangpangna para sindén), sok nyarebatna téh kata kata. Upami éta kata kata lagu téh disalin/diserat dina buku, sok disebatna buku kata kata. Namung di lingkungan lalaguan kawih mah (ayeuna), utamina dina lalaguan barudak, naha kekecapanana téh dina wangunan pupuh, sisindiran, wawangsalan atanapi nu sanésna, tetep wé sok disarebat rumpaka. Dina rumpaka lalaguan kakawihan buhun nu seueur dikawihkeun ku barudak, (ilahar sok disebat ogé lagu rakyat, kakawihan urang lembur, lagu balaréa) …

Lanjut Baca