Pangarang: Elan Surawisastra Sanajan ayeuna jaman geus sakieu majuna, tapi masih kénéh aya nu gugon kana kapercayaanana yén ngaruat téh matak nyalametkeun tina sagala rurubad halangan hirup, bisa ogé disebut panumbal pikeun kasalametan. Buktina boh di Pasundan, boh di Jawa, aya kénéh anu merelukeun ngaruat, boh ngaruat jalma boh ngaruat lembur. Ngeunaan lalakon carita ngaruat, aya dua tilu kanda kaol, tapi nu jadi pokok lalakon pangkal carita mah kitu-kitu kénéh baé, nya eta nyaritakeun Batara Kala ngudag-ngudag mangsa, anu dihalangan ku Batara Guru (bapana). Upama ku urang dilenyepan nu sabenerna, istilah ngaruat teh hartina ngarawat (ngamumulé) kaluhuran seni budaya urang …
Harti jeung Eusi Ngaruat
