Sakola Pikeun Puseur Kasenian

Pangarang: Ganjar Kurnia BÉJANA Jawa Barat kungsi mibanda kurang-leuwih 300 jenis kasenian, kalayan kaayaan kiwari: 200-an geus taya dikieuna, 50-an dina kondisi sakarat ahir, 30-an sakarat awal, 10 dina kondisi “engap-engapan” jeung kira-kira 10 deui nu masih kénéh “hirup”. Naha ieu kaayaan téh perelu diceungceurikan? Teu langkung. Tapi lamun rék rada gagayaan, réa urang Sunda nu nyaritakeun (pangpangna lamun pajabat pidato), “Kasenian téh mangrupa kabeungharan budaya anu bisa jadi salah sahiji ciri tina hiji bangsa atawa suku bangsa”. Sacara rétoris loba nu awong-awongan yén kasenian Sunda kudu dimumulé jeung dimekarkeun. Sangkan kaciri leuwih daria, nepi ka dijieun Perda Kabudayaan. Tapi …

Lanjut Baca

Digitalisasi jeung Restorasi Naskah Kuno di Museum Sribaduga

Pangarang: Lopian Dina raraga nyalametkeun naskah kuno, Museum Sribaduga nyieun program anu disebut digitalisasi naskah kuno. Nyatana mindahkeun mangpirang naskah kuno atawa manuskrip kana sistim digital. Proses mindahkeun naskah,  difoto heula maké kaméra digital, terus  disimpen kana komputer atawa alat digital séjénna. Nurutkeun Ani Ismarini, Kepala Balai Museum Sribaduga (1/8)., digitalisasi naskah salah sahiji hal penting pikeun nyalametkeun naskah. Dipiharep ku program samodel kitu, umur naskah jadi lila tur leuwih awét. Taya lian alatan si naskah geus teu kacepeng deui ku ramo atawa kahébos rénghap. Sabab, ramo tur jeung rénghap jalma téh mawa mangpirang bakteri nu bisa ngarusak naskah. “Nu …

Lanjut Baca

Tarékah Ngawanohkeun Karya Sastra Sunda ka Para Rumaja

Pangarang: Taufik Ampera Karya sastra téh artéfak. Ari nu disebut artéfak geus pasti barang paéh. Karya sastra gé nya kitu, éta karya bogaeun harti sarta jadi objék éstétik (Teeuw, 1984:191) lamun dihartian ku nu macana, lir ibarat artefak titinggal karuhun nu kakara kaharti sabada dihartikeun ku arkéolog. Ku kituna, ayana nu maca téh kacida perluna pikeun ngahartikeunana. Nu maca téh moal ngan ukur ngajentul nyanghareupan karya sastra tapi milu hirup ngahartian kana karya sastra téa (Hawkes, 1978:156-157). Ilubiungna nu maca kana téks sastra bisa ditarékahan ku ngayakeun panalungtikan ékspériméntal téks sastra nu tujuan kaélmuanana pikeun nangtukeun literary value judgement. Hasil tina …

Lanjut Baca

Rumpaka Lalaguan Barudak dina Karawitan Sunda

Pangarang: Nano S. Istilah rumpaka, dina musik mah sok disebut lirik. Hartina sami, nyaéta kekecapan dina lagu.Aya ogé nu sok nyebat dangding atanapi guguritan. Ieu istilah téh biasana sok dianggo dina lagu pupuh atanapi tembang. Dina widang kepesindénan (pangpangna para sindén), sok nyarebatna téh kata kata. Upami éta kata kata lagu téh disalin/diserat dina buku, sok disebatna buku kata kata. Namung di lingkungan lalaguan kawih mah (ayeuna), utamina dina lalaguan barudak, naha kekecapanana téh dina wangunan pupuh, sisindiran, wawangsalan atanapi nu sanésna, tetep wé sok disarebat rumpaka. Dina rumpaka lalaguan kakawihan buhun nu seueur dikawihkeun ku barudak, (ilahar sok disebat ogé lagu rakyat, kakawihan urang lembur, lagu balaréa) …

Lanjut Baca