Nénéng Dinar, Ngalalakon dina Tembang Sunda

Bakat Nénéng kana nembang Sunda ngocor ti sepuhna, Hj. Ruminda sareng H. Muhammad Ruhiat, anu mikaresep kana tembang Sunda. Tatapakanana tina kakawihan. Keur sakolana, mindeng jadi juara ngawih. Kumaha baé atuh lalakon indung ti tilu budak, Rizki Perdana, Selly Desmiarti jeung Gema Ramadhan? Hayu urang aos sasarengan. Teu saeutik anu kapincut ku dunya tembang. Dina buku “Nu Kaul ku Lagu Kaleon” karangan RAF upamana, anu dicaritakeun téh apan jelema-jelema anu “kaédanan” ku dunya tembang Cianjuran. Ceuk Enah Sukaénah, juru mamaos ti kabupatén Sumedang, Cianjuran mah asa nyerep kana mamaras rasa, nyeuit dina ati.  Aya hal-hal anu henteu beunang dicaritakeun anu …

Lanjut Baca

Djudju Djuhari jeung Hariring Kuring

Pangarang: Lopian Tengah peuting, keur jemplang-jempling. Kuring nyaring, teu genah cicing… Saha nu teu wanoh kana éta lagu. Ieu lagu ”Hariring Kuring” téh masih kénéh populér tug nepi ka kiwari. Di satukangeuanana, nya Djudju Djuhari suargi nu nganggit éta lagu téh. Djudju téh komponis nu sarwa bisa, tur geus nganggit pirang-pirang tembang, ti mimiti pop Sunda, pop Indonésia, Sériosa, Keroncong, lalaguan keur barudak, nepi ka kasidah. Djudju Juhari lahir di garut, 6 Juni 1924. Ti saprak sakola di HIS, anjeunna geus remen nyipta lagu. Nepi ka kiwari, kurang leuwih 300 lagu ciptaanana. Padahan anjeuna teu kungsi diajar musik kalayan formal, ukur …

Lanjut Baca