Bakat Nénéng kana nembang Sunda ngocor ti sepuhna, Hj. Ruminda sareng H. Muhammad Ruhiat, anu mikaresep kana tembang Sunda. Tatapakanana tina kakawihan. Keur sakolana, mindeng jadi juara ngawih. Kumaha baé atuh lalakon indung ti tilu budak, Rizki Perdana, Selly Desmiarti jeung Gema Ramadhan? Hayu urang aos sasarengan. Teu saeutik anu kapincut ku dunya tembang. Dina buku “Nu Kaul ku Lagu Kaleon” karangan RAF upamana, anu dicaritakeun téh apan jelema-jelema anu “kaédanan” ku dunya tembang Cianjuran. Ceuk Enah Sukaénah, juru mamaos ti kabupatén Sumedang, Cianjuran mah asa nyerep kana mamaras rasa, nyeuit dina ati. Aya hal-hal anu henteu beunang dicaritakeun anu …
Nénéng Dinar, Ngalalakon dina Tembang Sunda
