Béjér Pangajén
Sayémbara Vidéo Pondok Basa Sunda

(Puasa Mangsa Sasalad)

Alhamdulillah Sayémbara Vidéo Pondok Basa Sunda nu dilaksanakeun ku Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda (PDP-BS) Universitas Padjadjaran meunang pangbagéa ti murangkali sakola ti SD, SMP, nepi ka SMA. Dina tanggal 16 Méi 2020, panitia masrahkeun daftar karya vidéo para pelajar anu jumlahna 411 pikeun dipeunteun ku girang pangajén. Sabada dibandungan, diimeutan, tur dibanding-bandingkeun, girang pangajén nangtukeun dua puluh nominasi anu hasilna dipadungdengkeun dina rapat girang pangajén sacara daring dina tanggal 19 Méi 2020. Dina éta rapat ditangtukeun dua puluh nominasi, ditetepkeun Pinunjul I, II, III, sarta ditetepkeun Pinunjul Satata anu jumlahna genep karya.

20 Nominasi

Sacara umum girang pangajén ngabandungan yén karya para pelajar téh luyu jeung tetekon anu ditetepkeun ku panitia, boh dina basa nu digunakeunana, boh durasi waktuna. Kieu deui tempatna nu lain di nu ramé. Ngan ukur hiji dua karya baé nu kaluar tina katangtuan. Di sagigireun éta, girang pangajén ogé ningali yén karya para pelajar téh kacida motékarna (kréatifna), boh dina milih topik boh dina garapanana sacara filmis. Dumasar kana katangtuan ti panitia tur dibanding-banding kalayan gemet, girang pangajén nangtukeun dua puluh nominasi Sayémbara Vidéo Pondok Basa Sunda, nyaéta:

  1. Arya Hasan Saputra, SMKN 1 Panumbangan, https://youtu.be/yqFiHxQmPOA
  2. Azna Pitaloka Janearry, SD Negeri Penggilingan, https://www.youtube.com/watch?v=nEB4fbS2V-M
  3. Bilqis Rubina Salsabila, SDN 008 Moh Toha, https://youtu.be/PFHsjiifKgM
  4. Farhan Muzhaffar Tiras Putra, SMA Negeri 1 Lembang, https://youtu.be/Z7nttTC_AOo
  5. Farhan Syarif Bustaman, MA Unwanul Falah Sentul, https://youtu.be/2fK1IUaE2Oc
  6. Galuh Nur Wahid, SDN 2 Maleber, https://youtu.be/Bf_fSZrZWzE
  7. Ghifar Al Farabi Fauzie, SMAS Al-Ma'soem, https://youtu.be/zTJPvQv-iUE
  8. Hani Pertiwi, SMPN 3 Pandeglang, https://youtu.be/6xYZvKQoBEE
  9. Khanha Shandhika, SMA Negeri 3 Bandung, https://youtu.be/7EFdx3hGYG0
  10. Komara, SMK PGRI 1 Gantar, https://youtu.be/oNmST7xo19g
  11. Melsa Oktapiansyah, SMPN 7 Kota Sukabumi, https://youtu.be/oOz2Db5kTB8
  12. Muhammad Faiz Fadhilah, SMP Negeri 1 Pagerageung, https://youtu.be/j2MtG8UeS-8
  13. Nasywa Nabilah, SMKN 9 Bandung, https://youtu.be/fz0O_kuPNoU
  14. Premita Belamita Sareng Prenita Belanita, SMAN 2 Lembang, https://youtu.be/WR4hc7VhniA
  15. Raysa Noor Maemunisa, MTs Serbabakti, https://youtu.be/ZxvoA3jKLjE
  16. Syifa Alliyah Salsabila, SMK Negeri 9 Bandung, https://youtu.be/nUcEpPlewhg
  17. Titing Sarinah, SMA Negeri 2 Banjarsari, https://youtu.be/b_bFumHQhLI
  18. Tuti Alawiyah & Tita Nurhayati, SMAN Cimanggung, https://youtu.be/i-JAV8-PoxI
  19. Wandi Kuswandi, SMA Informatika Ciamis, https://youtu.be/oPoKHBeuvyY
  20. Ziyan Siti Muthia, SMA 'Aisyiyah Boarding School Bandung, https://www.youtube.com/watch?v=OtDLuU-gjEw&t=117s

Pinunjul Satata (Harepan)

Tina dua puluh nominasi, laju girang pangajén milih tilu pinunjul (I, II, III) jeung genep pininjul satata. Nu kaasup kana genep pinunjul satata, nyaéta:

  1. Azna Pitaloka Janearry, SD Negeri Penggilingan, https://www.youtube.com/watch?v=nEB4fbS2V-M
  2. Farhan Syarif Bustaman, MA Unwanul Falah Sentul, https://youtu.be/2fK1IUaE2Oc
  3. Galuh Nur Wahid, SDN 2 Maleber, https://youtu.be/Bf_fSZrZWzE
  4. Hani Pertiwi, SMPN 3 Pandeglang, https://youtu.be/6xYZvKQoBEE
  5. Muhammad Faiz Fadhilah, SMP Negeri 1 Pagerageung, https://youtu.be/j2MtG8UeS-8
  6. Syifa Alliyah Salsabila, SMK Negeri 9 Bandung, https://youtu.be/nUcEpPlewhg

Vidéo Azna Pitaloka dipilih lantaran onjoy dina midangkeun budak motékar anu nyarita ku basa Sunda tur bisa némbang deuih, padahal kapan kiwari mah loba barudak nu leuwih pinter nyarita dina basa Indonésia. Sacara téhnis vidéo Azna ogé digarap daria.

Vidéo Farhan Syarif Bustaan dipilih lantaran onjoy dina milih topik hubungan lanceuk jeung adi anu kapaksa kudu cicing di imah lantaran aya sasalad. Duanana digambarkeun bisa ngalakonan kahirupan anu nyungkeret ku cara kréatif tur gumbira ku sempay guyon cara maranéhna.

Vidéo Galuh Nur Wahid dipilih lantaran onjoy milih pidangan wayang anu basajan. Pidanganana hirup. Atuh aya kasalahan téhnis nu kuduna jadi kakurangan pidangan, malah jadi alamiah sarta ngadeudeul idé pidangan: kapan midangna ogé barudak nu keur dialajar.

Vidéo Hani Pertiwi dipilih lantaran onjoy dina akting nu ngagambarkeun tilu wanoja béda generasi. Kosa kecap jeung lentong basa Sunda wewengkon Pandéglang nu digunakeunana mampuh ngagambarkeun suasana hidup kumbuh dina mangsa sasalad di wewengkon Pandéglang.

Vidéo Muhammad Faiz dipilih lantan onjoy dina milih pidangan wayang daun sampeu pikeun jadi tokoh-tokohna. Runtuyan lalakon pondok anu dipidangkeunana dominan ku unsur humor.

Vidéo Syifa Alliyah Salsabila dipilih ku lantaran kréatif nyieun carita tina vidéo nu geus aya. Ku cara ngaganti tokoh katut gunemanana luyu jeung topikna, vidéo Syifa jadi karya mandiri anu béda ti umumna karya sayémbara, nu matak ngahudang kéom.

Pinunjul

Vidéo Tuti Alawiyah & Tita Nurhayati ti SMAN Cimanggung midangkeun biantara/dakwah nu dilaksanakeun babarengan ku duaan. Ieu mojang kembar téh mampuh kalayan kompak nepikeun kandungan dakwah dina basa Sunda anu murwakanti, béntés tur merenah lagu lentongna. Dibarung ku pasemon, rengkuh jeung peta anu luyu jeung eusi biantara, ngalantarankeun dakwah nu dipidangkeun ku Tuti jeung Tita téh lain baé jadi tungtunan, tapi sakaligus jadi tongtonan. Ku lantaran kitu, vidéo Tuti Alawiyah & Tita Nurhayati, SMAN Cimanggung, ditetepkeun jadi Pinujul ka-3.

Vidéo Wandi Kuswandi ti SMA Informatika Ciamis ngagambarkeun kahirupan rumaja di padésan dina bulan puasa mangsa pandemi. Imah panggung di antara imah-imah séjénna, lentong nyarita para palaku anu mandiri mampuh ngagambarkeun susasana anu tiiseun. Anu nyongcolang dina ieu vidéo nyaéta garapan téhnisna: cut to cut atawa pindahna gambar nu hiji ka nu séjén istuning lemes tur ngaguluyur. Kitu deui dina midangkeun flach back istuning kontras tur méré pangdeudeul kana gemblengna ide carita. Ku kituna, vidéo Wandi Kuswandi, SMA Informatika Ciamis, ditetepkeun jadi Pinunjul ka-2.

Vidéo Khanha Shandhika ti SMA Negeri 3 Bandung nyaritakeun tokoh panakawan wayang golék nyaéta Cépot, Dawala, jeung Garéng. Ieu vidéo punjul ti vidéo-vidéo séjénna. Caritana singget tur basajan, tapi jinek tur ngeusi. Karakter para tokohna némbongkeun ciri anu mandiri. Basa Sundana bener tur meranah. Téhnis gambar jeung tata sora kalintang fungsionalna dina ngadeudeul ide carita nu ngandung kadariaan, tapi henteu tohor ku rasa humor. Ku kituna, vidéo Khanha Shandhika ti SMA Negeri 3 Bandung ditetepkeun jadi Pinunjul ka-1.

Béréndélan para pinjul nyaéta:

  1. Khanha Shandhika, SMA Negeri 3 Bandung, https://youtu.be/7EFdx3hGYG0
  2. Wandi Kuswandi, SMA Informatika Ciamis, https://youtu.be/oPoKHBeuvyY
  3. Tuti Alawiyah & Tita Nurhayati, SMAN Cimanggung, https://youtu.be/i-JAV8-PoxI
Bandung, 20 Méi 2020
Girang Pangajén:
Abdul Hamid
Asép Supriatna
Téddi Muhtadin

Dirojong ku: